KALAKAY NU MARURAGAN
Taman
téh tiiseun ari keur peré mah, teu cara sasarina nu sok pinuh ku mahasiswa nu
ngadon dariuk ngobrol, maraca buku, atawa
saukur ngarariung saleuseurian sempal guyon gogonjakan. Kalakay daun caringin jeung
mahoni meni ngahunyud mayak dina jukut taman nu héjo, sawaréh minuhan bangku
paranti diuk. Kawantu peuting tadi téh hujan mani ngagebrét dibarengan ku
gelebugna angin jeung guludug nu patingjelegér. Poé sabtu jeung minggu mah tara
aya nu sasapu deuih di taman téh, milu peré
petugas kebersihan ogé.
Rada remen ayeuna mah diuk di taman
kampus téh, sok ngahajakeun peré kuliah gé sok ka kampus. Taman kampus nu
dijugjug téh, sok ngadon diuk ngalangeu,
aya kalana bulaham-béléhém sorangan tapi remen ogé kalah rembay cimata. Jiga nu
kurang saeundan, enya teu waras lamun
dipikir-pikir mah. Sugan téh baheula mah ukur carita atawa ukur aya dina lagu
istilah ‘cinta gila’ téh, teu nyaho
mah geuning ayeuna kaalaman. Enya nu kieu meureun ari cinta téh, nu nyiksa haté,
nu matak rudet pipikiran, nu matak teu tibra saré jeung teu mirasa dahar.
Rét ka bangku belah katuhu, nyéh
kuring imut ngagelenyu, rindatna laju kokolébatan deui dina sawangan. Bangku nu
pinuh ku kalakay caringin téh nyimpen carita keur kuring mah. Hamo bisa poho, minggu kamari dina bangku éta kuring diuk
paduduaan jeung manéhna. Diuk ngaréndéng jeung Adit, lalaki nu salila ieu teu
weléh ngalangkang dina hirup kuring. Cinta jaman SMA nu natrat nepi ka kiwari,
carita lawas anu hamo bisa laas. Manéhna mah tangtu mo surti yén rasa tresna nu
baheula masih langgeng nyampay dina haté
nu can tuus raheutna.
Bet jauh ti panyangka, padahal teu ngimpi-ngimpi acan bisa ngobrol
pahareup-hareup jeung bisa maling-maling ngarérét imut manéhna téh. Dina
lamunan gé teu kabayang tadina mah. Asa pamohalan bisa narima sms
‘Asalamualaikum’ deui ogé, atuh boro-boro ngarepkeun sms, puguh asa geus teu
boga harepan manéhna bisa inget kénéh ka kuring gé.
Tadina ogé kuring mah geus boga kaputusan
rék nyimpen rasa ieu keur sorangan, moal ngarepkeun manéhna boga rasa nu sarua.
Sadar pisan kuring gé, cinta mah teu bisa dipaksa, cinta mah masalah nu patali
jeung haté teu bisa dihayang-hayang, teu bisa diembung-embung. Kuring moal
maksakeun manéhna kudu boga rasa nu sarua, ogé moal maksakeun maéhan kembang asih nu geus kagok tumuwuh
mangkak dina jero dada . Geus buleud tékad téh, rék nuturkeun rasa, moal
maksakeun kudu poho ka manéhna, da geus puguh hésé pisan ngahapus manéhna tina pikiran kuring mah.
Muhamad Aditiya ngaran panjangna mah, babaturan sakelas kuring jaman
SMA. Ukur babaturan tadina mah, teu
mikir-mikir acan kudu boga rasa saperti
ayeuna. Manéhna nu ngamimitian ujug-ujug balaka cinta ka kuring, serius cenah.
Teuing kunaon deuih kuring gé bet percaya. Ku kuring gé tuluy wé ditarima, rasa
ka manéhna gé nuturkeun jadi robah deuih, leuwih ti saukur rasa nyaah ka nu jadi
babaturan biasa.
Teuing teu ngarti kuring ogé, rasa kieu téh datangna ujug-ujug, teu méré
nyaho, euweuh isarah saméméhna. Nyulusup
kana sela-sela haté, sumarambah kana bayah. Nepi ka kuring teu sadar aya nu
béda dina kahirupan. Aya bungah, éra, reugreug, awor nyiptakeun pulas kayas
dina jero dada. Ka sakola jadi sumanget, balik ka imah sok tuluy
bulaham-béléhém sorangan. Hirup téh karasa éndah, nyulam kiceup demi kiceup ku
asih nu ngagalura. Poé nu tuluy baganti teu weléh dipapaés ku imut. Ku imut nu
pangamisna, imut nu giung ku buah gandrung.
Ngan gening kaayaan kitu téh teu lana, da dua minggu ti harita Adit
nyebutkeun yén basa ngomong kitu téh ukur heureuy, kabéh sms nu eusina sajak cinta
téh ukur heureuy. Piraku cenah teu bisa ngabédakeun heureuy jeung serius. Asa
remek saharita jajantung téh, rasa ambek, keuheul, nyaah, jeung éra awor
pagugulung, nyelek dina dada. Aya hinis nu nurihan ati, peurih nyanyautan.
Adit ménta hampura, ku kuring teu dipaliré. Lain kuring teu bisa
ngahampura, tapi kumaha atuh, da haté nu peurih téh geuning teu bisa kaubaran
ku kecap hampura. Pleng wé tiharita mah kuring tara patanya, sakalieun kudu
paamprok gé kuring sok buru-buru miceun beungeut, Adit nganggap kuring ceuceub
ka manéhna. Salah anggapan Adit téh. Enya gé manéhna geus nganyenyeri haté
kuring, rasa mah mo bisa dibohongan. Lamun amprok bisa wé api-api baeud, dina
biwir bisa wé ngajejeléh manéhna dihareupeun babaturan. Tapi dina haté leutik mah
kuring nyimpen asih, kuring teu bisa maéhan asih nu keur meujeuhna sirungan. Enya
gé puguh teu pantes, lalaki kitu mah teu pantes dipikacinta. Tapi da haté mah
geuning teu daék ngarti, kalah angot neugtreug tibelat, kuring teu bisa
ngejatkeun duriat.
Ti Neng Nisa cenah meunang nomer HP kuring téh, ukur nelepon nanyakeun
kaayaan kuring tadina mah, ngobrol ngalér-ngidul wéh dina telepon téh,
henteu nyabit-nyabit masalah tilu taun
katukang. Ngahaja ku kuring sok dipéngkolkeun jejer obrolanana lamun geus rék ngomongkeun
perkara éta téh. Nepi ka poé senén kamari Adit nelepon geus aya di daerah
kampus kuring cenah, hayang panggih. Haté kuring sasatna ajrag-ajragan, bungah naker.
Isuk kénéh harita téh, kakara jam genep ngan manéhna rusuh cenah, jadi ngajak
panggih harita kénéh. Bingung pipetaeun kuring téh, da puguh gé can dangdan,
tadina mah hayang dangdan sina alus ari panggih jeung Adit téh, hayang
katingali geulis di hareupeun Adit, tapi da boro-boro dangdan atuh, maké baju
gé puguh sarapna da meni ngabebereg. Geus nungguan dihareupeun tukang foto copy cenah, sasatna tipaparétot
lempang gé, satengah lumpat kuring muru kadinya.
Adit téh masih jiga nu baheula, teuteupna, imutna, cara ngomongna masih
kénéh can robah, sarua jeung rasa kuring ka manéhna, can pernah kungsi robah.
Kuring ngajak manéhna ngobrol di taman kampus, asa teu napak leumpang
ngaréndéng jeung manéhna téh, jantung ratug tutunggulan, kuring geus teu bisa
ngarampa kaayaan haté kuring harita, asa geus kebek teuing ku kabungah.
Gelenyu kuring imut deui, bangku nu pinuh ku kalakay téh anteng diteuteup.
Asa karasa kénéh haté nu seseblakan jeung nyéakna hawa panas nu ngabeureumkeun
pipi basa diuk paduduaan ngobrol jeung
manéhna.
“ Rahma mah alit waé nya, teu pangling-pangling!” pokna.
“ Ah duka atuh Dit!” walon kuring.
Sakapeung mah ukur sora manuk nu récét keur arulin, patingaracleng dina
dahan kai. Can ramé taman téh da isuk kénéh. Jadi kalah bingung néangan
piomongeun kuring téh, kalah paadu betem saeneng-eneng.
“Kamari ka Sumedang hujan?” ceuk kuring manggihan piomongeun.
“ Ukur murupuy, ari ka Bandung ageung kitu?”
“ Ageung ungal dinten ogé ka Bandung mah!”
Bep deui caricing, enyaan asa teu penting, hujan waé diomongkeun, asa teu
kudu sabenerna mah. Ah ari kuring mah biwir wungkul nu jempé téh meureun, da
haté mah puguh tatadi gé bacéo, surak malah mah, tatadi gé da kuring mah teu
pati ngabandungan obrolan, puguh kalah paciweuh ku kaayaan haté sorangan.
Saenggeus rada lila ngobrol ngalér ngidul bari jeung loba pabetem-betem, Adit
téh tuluy wé pamitan, enya rusuh cenah. Tuluy wé kuring gé ka kelas da aya
kuliah.
Di kelas nu diburu téh si Nineu sobat dalit kuring, tuluy ngabudalkeun
rasa nu kebek ku kabungah ka si Nineu.
“ Adeuy… Jadi pasti da!” ceuk si Nineu sumanget nanggap kuring cumarita.
“ Moal ngarepkeun tibaheula gé Rahma mah, inggis peungas harepan ah!”
ceuk kuring bari nyiwit goréngan nu keur didahar ku Nineu.
“Alah saeutikna mah pasti aya da,”
Ku kuring ukur diwalon ku seuri mesém.
“Pasti jadi lah, éh Neu téh pernah maca di majalah, cenah lamun geus ketemuan tungguan 36 jam, lamun dina 36
jam éta tuluy ngahubungi éta téh cirina ketemuanana
suksés, si Adit kagémbang tah ku manéh!”
“Wah enya kitu? Bisa dipercaya éta téh?” témbal kuring sumanget.
“Bisa, cobaan wé lah, eh aya Pa Rudi datang, sstt ah gandéng!” ceuk Nineu bari nyimpen
bungkusan goréngan kana kantongna laju ngaluarkeun pulpén jeung buku
catetanana.
Kuliah tilu SKS téh asa sakeudeung, enya da kuring mah najan enya gé ngajugrug
diuk di kelas, pikiran mah masih manteng ka Adit, asa masih kénéh diuk di
taman. Teu dipaliré dosén nu ngomong dihareupeun kelas mah.
Sajam dua jam kuring masih ngadagoan sms ti manéhna, teu kaop HP ngageter,
sok teu sirikna langsung cénghar keur tibra saré gé, da bisi sms ti Adit, ukur
kalah jadi handeueul. Tétéla sms téh lain ti Adit. Geus lima poé ti basa
panggih di taman, geus leuwih ti 36 jam, Adit euweuh ngahubungi. Ngaran Adit
dina nomor kontak lila diteuteup, rék ngasms éra, tungtungna mah nomor Adit
dihapus, harepan nu geus diwawaas dina sawangan gé ku kuring dihapus. Ah..sok
aya-aya waé, jeung maké boga harepan sagala atuda, puguh pamohalan ngarepkeun
Adit boga rasa nu sarua mah.
Nepi ka hiji poé, saperti biasa kuring muka facebook manéhna. Tétéla aya
wanoja nu nulis dina dindingna ‘l love you!’ cenah, dihandapna Adit méré
jempol. Rey wé hawa panas nyéak mapay awak, kieu meureun rasana timburu téh. Facebook
wanoja éta ku kuring dibuka, tuluy maca profilna,
Nuri ngaranna téh, masih sakola di salasahiji
SMA di Cimalaka. Kapeurih beuki karasa nyanyautan basa ningali aya foto Adit
keur ngaréndéng jeung wanoja éta. Teu karasa cimata geus laluncatan tina jero
panon, haneut mapay pipi.
Panon kuring teu leupas neuteup bangku nu pinuh ku kalakay, lagu ti band
D’cinamons nu remen diputer tisaprak diteungteuingan ku Adit, masih
ngagalindeng tina head seat nu napel
dina ceuli kuring.
Andaikan ku dapat mengungkapkan
perasaanku
Hingga membuat kau percaya…
hiliwir angin nebak dadaunan nu geus karonéng, pluk aya kalakay mahoni nu
murag dihareupeun kuring. Kalakay téh dicokot tuluy diteuteup, aya kalangkang Adit
nu keur imut. Aya nu ngeclak kana kalangkang imut Adit. Leungeun kuring laju
pakeupis nyusutan cimata nu teu karasa geus ngalémbéréh.
Angin beuki tarik ngagelebug ngoyageun tatangkalan. Daun nu karonéng
murubut maruragan, bareng jeung muragna buah harepan cinta kuring, nu kamari
kungsi tingparentul dina tangkal katresna nu héjo lémbok. Adit moal pernah boga rasa nu sarua jeung kuring tapi
katresna mah masih jiga nu baheula, dipupusti dina rasa kuring sorangan, ukur keur
sorangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar