AJAG
Sabenerna mah teu téga. Sabenerna mah teu hayang ninggalkeun budak kuring
nu kakara umur opat puluh poé jeung ninina. Budak keur meujeuhna keukeupaneun
indung. Sedih, teu wasa, lamun ngagugu rasa dina haté mah. Tapi kaputusan
kuring geus buleud, dalah dikumaha tuda lamun teu gawé mah budak téh moal bisa
nyusu. Jeung cai susu gé deuih, maké euweuhan keur kaayaan kieu téh. Geus
sagala didaharan mah, daun katuk, daun gedang, sayur daun kélor, sayur gedang,
nu amis-amis jeung sagala rupa nu disodorkeun ku Ema kabéh gé eweuh nu teu
didahar. Teu ngenah gé dingeunah-ngeunahkeun da karunya ka budak. Ngan teuing
kumaha atuh da anger teu ngaruh, anger waé cisusu téh saat. Budak gogoakan
hayangeun nyusu. Teu téga ningalina gé. Atuh kuring téh tisuksruk tidungdung ngaya-ngayakeun
duit nu euweuh. Gagalapakan unjam-injeum kaditu-kadieu. Néangan duit keur meuli
susu formula nu hargana karasa pisan
nyekék beuheung keur jalma pantar kuring mah.
Bapana nu kituna mah tuda, teu
boga cedo, atah adol, teu boga pisan rasrasan. Tengteuingeun bapa si Asep téh.
Telenges. Téga ninggalkeun kuring basa keur bubureuyeungan. Alesanana mah can
hayang boga budak. Basa dibéjaan kuring ngandeg téh kalah ambek-ambekan. Pajarkeun
teu ngarti kana kaayaan salaki nu keur pusing ku duit, kalah der reuneuh lain
milu KB. Ku kuring dijawab teu cocok KB-na téh teu didéngé, komo basa
ditanyakeun gajihna nu geus sababaraha bulan tara nepi ka kuring mah, ambekna
beuki ngaguludag, jiga nu kasurupan manéhna ngakaya kuring, mamaksa nitah
ngagugurkeun kakandungan. Teu éling, jelema
teu waras.
Kakandungan beuki gedé geus tara
balik ka imah, rajeun balik gé rék
ngadon aral subaha. Tujang-tajong kana barang, jelebat-jelebét ngabanting
panto, tina cungurna wéh bararau pahang. Ari kuring pangawak awéwé, ukur bisa ceurik
cumalimba nyanghareupan adat salaki nu geus nyurup ka iblis téh. Kuring lahiran
salaki kuring ribut nguruskeun surat cerai. Kadieukeun béja nu katampa téh geus
kawin deui.
“Ma teu nanaon nitip si Asep?” ceuk
kuring dina hiji peuting.
“Heueuh jig rék solat isa heula mah,
keun si Asep mah ku Ema ditungguan!” walon indung kuring bari anger jongjon
kekecos, nambal sampingna nu soék.
“Lain ayeuna wungkul Ma, tapi isukan jeung saterusna,
sabulan lah,” walon kuring asa-asa ngedalkeun pamaksudan.
Indung kuring ngadadak ngeureunkeun
kékécosna “Rék kamana manéh téh Nyi, leutik kénéh budak téh montong
ditinggalkeun, na teu karunya?” Indung kuring nyangangang.
“Rék nyaba waé Ma, karunya si Asep susuna téréh érép,” luk kuring tungkul
bari ngucel-ngucel tungtung baju.
Indung kuring ngabigeug, teuteupna
anteb neuteup kuring. Sajongjongan ukur sora anjing inguan Mang Wiharya nu
babaung belah kidul. Kuring ngeukeupan budak kuring pageuh, sora anjing nu
babaung asa nambah keueungna peuting.
Inget ceuk jenatna Nini, lamun aya anjing babaung téh totondén rék meunang
kasusah, teuing bener henteuna mah, tapi nu pasti kuring mah sok sieun ari
ngadéngé anjing babaung téh.
“Babacaan anggur mah Nyi!” ceuk indung kuring bari tuluy ngaléos ka
dapur, kadéngé getrak-getruk, teu lila nyampeurkeun kuring bari mawa dot.
“Isa heula anggur kadinyah, keun
budak mah urang béré susu heula méh tibra saréna!” pokna bari regeyeng ngais
budak kuring.
Kuring nurut, tuluy solat di kamar.
Hawar-hawar kadéngé sora indung kuring nu ngahaleuang, ngayun ngambing si Asep.
”néléngnéngkung
néléngnéngkung
geura gedé geura jangkung
geura sakola ka bandung
sangkan hirup panjang-punjung”
“Deudeuh teuing kasép bet kudu goréng nasib, boga bapa téh
teungteuingeun, keun sing sabar waé kasép. Keun sing gedé milik jaga mah!” ceuk indung kuring disela-sela hariringna.
Reg kuring ngeureunkeun wiridan. Teu karasa cimata geus nyurulung,
laluncatan tina jero panon. Beungeut Kang Kardi laju némbongan deui dina
implengan. Dina haté karasa peurih, satuluyna kuring nginghak bari nutupan
beungeut ku mukena. Heueuh kuring nu salahna mah, teu bisa milih pibatureun
hirup. Buta ku cinta. Percaya ka omongan Kang Kardi nu saamis madu. Béhna mah nyarita
rék kitu rék kieu téh ukur abang-abang lambé wungkul.
Bodo kuring téh, geus puguh tibaheula gé pan Kang Kardi téh jelema
baragajul, tukang ngocok kartu jeung nginum. Na bet kalah percaya kana jangjina
nu rék robah lamun geus kawin. Percaya teuing kana baju koko nu dipakéna basa
keur nganjang ka imah. Enya bener robahna mah geus kawin téh. Teu bauan kana gawé,
bageur ka mitoha jeung pamajikan gé. Ngan élingna téh gening ukur sababaraha
bulan, da kadituna mah gélona téh maceuh deui.
“Nyi!” ceuk indung kuring nu teu kanyahoan geus aya di gigireun.
Kuring ceurik ngabangingik bari
nyuuh kana lahunanana.
“ Hampura Ema Nyi!” pokna bari
ngusapan sirah ku ramo-ramona nu geus paréot, karasa keusrak bati tina ngarit
waé meureun. Kadéngé indung kuring gé ngingsreuk.
Kasimpé ngaranggeum peuting nu
beuki kolot. Indung kuring geus saré murungkut di gigireun si Asep, saenggeus
cumarita mapagahan jeung méré sumanget
ka kuring. Kitu ogé si Asep, ngahéphép tibra naker saréna téh. Lila kuring
neuteup dua jalma nu keur anteng dina impianana
séwangan-séwangan, kuring nyaah ka indung jeung budak kuring,
maranéhanana nu méré alesan ka kuring pikeun daék kénéh nandangan kahirupan nu sakieu
peuheurna.
***
Kuring keur mawa ulin si Asep di buruan. Teu kanyahoan datangna, Kang
Kardi ujug-ujug geus dihareupeun. Saged naker maké calana katun hideung jeung
baju koko bodas bordél biru. Baju koko anu dipaké basa nganjang ka imah kuring
basa keur hahadéan. Gelenyu Kang Kardi imut, teuteupna nu liuh lir jamparing
tan wujud nu nembus kana rasa.
“Lucu nya Nyi budak urang téh,
tingali tuh matana cureuleuk, jiga mata Nyai nya, cik atuh Akang mangku!” pokna bari rangah, daria rék mangku
si Asep.
Kuring léah, kaceuceub ka Kang Kardi
kapopohokeun, aya kembang nu mangkak dina jero dada. Bungah nu pohara. Nepi ka
teu puguh titincakan, asa teu napak, asa ngalayang. Kuring ngarasa boga
kulawarga nu sampurna jeung pinuh ku kabagja, Teu asa-asa deui kuring ngudar
aisan tuluy mikeun si Asep ka bapana.
Nyéh Kang Kardi imut. Lila kuring
neuteup imutna, imut nu éta pisan nu baheula nyieun kuring kapéngpéongan ku
manéhna téh. Tapi anéh beuki lila imutna beuki anéh. Kuring gigisik panon nu teu
peurih bisi salah téténjoan. Beuki lila seuri kang Kardi beuki anéh, huntuna
jadi sihungan, biwirna jadi monyong, teu lila beungeut Kang kardi geus pinuh ku
bulu, salin rupa jadi sato nanahaon. Kuring ngagebeg, tuluy ngocéak bari
ngarebut si Asep tina leungeunna tapi kalah dikorowot ku leungeun Kang Kardi nu
jadi ranggoas. Kuring jejeritan nyebut ngaran Asep. Kang Kardi babaung, sorana
béda ti sora babaung anjing nu Mang Wiharya. Leuwih pikasieuneun ieu mah. Ras
kuring inget ka carita jenatna Nini baheula ngeunaan ajag. Cenah basa baheula
mah gunung Cakrabuana téh sanget kénéh, masih loba sato liar sabangsaning
bagong jeung ajag. Ajag téh anjing leuweung nu sok telenges ngerekeb jalema
jeung sato inguan urang lembur.
Kuring beuki tarik ngagoak, kuring
yakin sato nu dihareupeun téh ajag, si Asep ceurik awor-aworan sorana
pikaketireun. Nu babaung beuki rosa, teu lila sora si Asep ngiles teu kadéngé
deui. Tina sungut ajag katingali geus pinuh ku getih, dihandap gé loba getih
ngabayabah, kana irung nyeleksek bau hanyir getih anyar.
Kuring beuki kalabakan, cimata budal
lir walungan nu bedah, kuring ceurik lolongséran bari ngajerit nyebut ngaran
Asep satarikna.
“Nyi, Nyi Entin, Istighfar Nyi!” Bi Yoyoh
ngagebig-gebig kuring.
Nyah kuring beunta, bréh Bi Yoyoh
babaturan sapagawéan kuring geus aya dihareupeun. Brug kuring nangkeup Bi Yoyoh
pageuh pisan, biwir teu eureun kunyam-kunyem ngucap istighfar.
“ Ngimpi téh meni asa enya Bi!” ceuk
kuring bari rénghap ranjug.
“Istighfar Nyi, nu matak rék saré
téh babacaan heula!” ceuk Bi Yoyoh bari ngusapan sirah kuring bangun nu nyaah.
Geus asa ka kolot sorangan ka Bi Yoyoh téh najan karék wawuh sababaraha poé
ogé.
“
Nyi aya nu ti lembur Nyai mapagkeun!” ceuk Bi Yoyoh saenggeus kuring balik
pangacian.
“Baruk, naha saha geus nyusulan deui,
pan kakara saminggu digawéna ogé, meni peuting-peuting deuih, kumaha si Ibu
moal bendu kitu Bi?”
“Hayu tepungan heula waé kaditu!”
témbal Bi Yoyoh teu ngajawab pananya kuring.
Enya waé di tengah imah dunungan
kuring téh, geus aya Mang Karta keur ngawangkong jeung Bu Ratna dunungan
kuring. Mang Karta nitah kuring balik ka lembur, pajarkeun téh si Asep keur
gering. Bu Ratna gé ngidinan deuih kuring balik téh, malah mah gajih nu kakara
saminggu gé geus dibikeun bari jeung ditambahan sagala. Bet ku atoh kuring ogé
di parengkeun pisan boga dunungan téh bageur jeung béréhan. Mang Karta meni
rurusuhan, keur meuli susu gé tangka diburu-buru, bisi kapeutingan teuing
dijalanna cenah. Enya tuda kituna mah, jarak ti Bandung ka Wado téh lumayan
jauh kira-kira tilu jam mun ngebut maké motor mah.
Tepi ka buruan imah, kuring asa
hélokeun, kaayaan di jero imah ramé ku
jelema. Kuring jadi teu ngeunah haté, tuluy wé tatalété ka Mang Karta.
“Mang aya naon ieu téh? Na meni ramé
kieu?” ceuk kuring hariweusweus.
“Sing sabar Nyi!”pokna leuleuy bari
ngeluk tungkul.
“Mamang sing bener aya naon ieu
téh?” ceuk kuring semu nyentak.
Keur kitu jol indung kuring. Panonna carindul. Kuring ditangkeup pageuh pisan. Induk kuring ceurik ngawiwiw bari teu leupas nangkeup kuring. Di sela-sela ceurikna teu weléh nyebut hampura, si Asep téh geus euweuh dikieuna cenah.
Keur kitu jol indung kuring. Panonna carindul. Kuring ditangkeup pageuh pisan. Induk kuring ceurik ngawiwiw bari teu leupas nangkeup kuring. Di sela-sela ceurikna teu weléh nyebut hampura, si Asep téh geus euweuh dikieuna cenah.
Langit asa runtuh saharita, asa ragrag
jajantung, awak leuleus lungsé, tuur nyorodcod, satuluyna alam dunya poék
mongkléng.
Basa panon kuring beunta, kuring
geus pada ngariung. Rét ka belah kulon, loba lalaki nu keur ngariung ngaboéhan
layon budak kuring. Katingali ku juru panon hiji lalaki anu keur diuk sila deukeut
Mang Karta. Kuring moal kapalingan deui ku baju kokona, warna bodas bordél biru.
Baju koko nu dipaké taun kali. Kalakuan Kang Kardi laju kokolébatan deui dina
pipikiran. Kang Kardi nu sok ngakaya kuring, Kang Kardi nu teu ngabayuan budakna,
nepi ka gering tuluy maot lantaran geus saminggu nyusuna ukur dibéré cai tajén.
Kaambek ka Kang Kardi ukur bisa dibudalkeun ku cimata, kapeurih beuki karasa
nyanyautan. Rét deui ka nu di koko bodas bordél biru. Bet salin rupa jiga nu
dina impian kuring, Kang Kardi jadi ajag, kuring ngarénjag tuluy nangkeup Ema pageuh
bakat ku sieun. Keur kitu, panon kuring bet eunteup ka arit nu nyelap dina
bilik. Arit paranti Ema ngarit. Nyéh kuring seuri, teu diengkékeun deui kuring
tuluy ngajleng sakocepat, muru arit nu nyelap dina bilik. Rék ngabacok ajag. Moal
burung teurak da seukeut aritna, kawantu sok diasah ku Ema ungal poé.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar