Jumat, 20 Januari 2012

CARPON


KALAKAY NU MARURAGAN
            Taman téh tiiseun ari keur peré mah, teu cara sasarina nu sok pinuh ku mahasiswa nu ngadon dariuk ngobrol, maraca buku,  atawa saukur ngarariung saleuseurian sempal guyon gogonjakan. Kalakay daun caringin jeung mahoni meni ngahunyud mayak dina jukut taman nu héjo, sawaréh minuhan bangku paranti diuk. Kawantu peuting tadi téh hujan mani ngagebrét dibarengan ku gelebugna angin jeung guludug nu patingjelegér. Poé sabtu jeung minggu mah tara aya nu sasapu deuih di taman téh, milu peré  petugas kebersihan ogé.
            Rada remen ayeuna mah diuk di taman kampus téh, sok ngahajakeun peré kuliah gé sok ka kampus. Taman kampus nu dijugjug téh, sok ngadon diuk  ngalangeu, aya kalana bulaham-béléhém sorangan tapi remen ogé kalah rembay cimata. Jiga nu kurang saeundan, enya  teu waras lamun dipikir-pikir mah. Sugan téh baheula mah ukur carita atawa ukur aya dina lagu istilah ‘cinta gila’ téh, teu nyaho mah geuning ayeuna kaalaman. Enya nu kieu meureun ari cinta téh, nu nyiksa haté, nu matak rudet pipikiran, nu matak teu tibra saré jeung teu mirasa dahar.
            Rét ka bangku belah katuhu, nyéh kuring imut ngagelenyu, rindatna laju kokolébatan deui dina sawangan. Bangku nu pinuh ku kalakay caringin téh nyimpen carita keur kuring mah. Hamo bisa  poho, minggu kamari dina bangku éta kuring diuk paduduaan jeung manéhna. Diuk ngaréndéng jeung Adit, lalaki nu salila ieu teu weléh ngalangkang dina hirup kuring. Cinta jaman SMA nu natrat nepi ka kiwari, carita lawas anu hamo bisa laas. Manéhna mah tangtu mo surti yén rasa tresna nu baheula masih  langgeng nyampay dina haté nu can tuus raheutna.
Bet jauh ti panyangka, padahal teu ngimpi-ngimpi acan bisa ngobrol pahareup-hareup jeung bisa maling-maling ngarérét imut manéhna téh. Dina lamunan gé teu kabayang tadina mah. Asa pamohalan bisa narima sms ‘Asalamualaikum’ deui ogé, atuh boro-boro ngarepkeun sms, puguh asa geus teu boga harepan manéhna bisa inget kénéh ka kuring gé.
Tadina ogé kuring mah geus boga  kaputusan rék nyimpen rasa ieu keur sorangan, moal ngarepkeun manéhna boga rasa nu sarua. Sadar pisan kuring gé, cinta mah teu bisa dipaksa, cinta mah masalah nu patali jeung haté teu bisa dihayang-hayang, teu bisa diembung-embung. Kuring moal maksakeun manéhna kudu boga rasa nu sarua, ogé moal maksakeun  maéhan kembang asih nu geus kagok tumuwuh mangkak dina jero dada . Geus buleud tékad téh, rék nuturkeun rasa, moal maksakeun kudu poho ka manéhna, da geus puguh hésé pisan ngahapus  manéhna tina pikiran kuring mah.   
Muhamad Aditiya ngaran panjangna mah, babaturan sakelas kuring jaman SMA.  Ukur babaturan tadina mah, teu mikir-mikir acan kudu boga rasa  saperti ayeuna. Manéhna nu ngamimitian ujug-ujug balaka cinta ka kuring, serius cenah. Teuing kunaon deuih kuring gé bet percaya. Ku kuring gé tuluy wé ditarima, rasa ka manéhna gé nuturkeun jadi robah deuih, leuwih ti saukur rasa nyaah ka nu jadi babaturan biasa.
Teuing teu ngarti kuring ogé, rasa kieu téh datangna ujug-ujug, teu méré nyaho, euweuh isarah saméméhna.  Nyulusup kana sela-sela haté, sumarambah kana bayah. Nepi ka kuring teu sadar aya nu béda dina kahirupan. Aya bungah, éra, reugreug, awor nyiptakeun pulas kayas dina jero dada. Ka sakola jadi sumanget, balik ka imah sok tuluy bulaham-béléhém sorangan. Hirup téh karasa éndah, nyulam kiceup demi kiceup ku asih nu ngagalura. Poé nu tuluy baganti teu weléh dipapaés ku imut. Ku imut nu pangamisna, imut nu giung ku buah gandrung.
Ngan gening kaayaan kitu téh teu lana, da dua minggu ti harita Adit nyebutkeun yén basa ngomong kitu téh  ukur heureuy, kabéh sms nu eusina sajak cinta téh ukur heureuy. Piraku cenah teu bisa ngabédakeun heureuy jeung serius. Asa remek saharita jajantung téh, rasa ambek, keuheul, nyaah, jeung éra awor pagugulung, nyelek dina dada. Aya hinis nu nurihan ati, peurih nyanyautan.
Adit ménta hampura, ku kuring teu dipaliré. Lain kuring teu bisa ngahampura, tapi kumaha atuh, da haté nu peurih téh geuning teu bisa kaubaran ku kecap hampura. Pleng wé tiharita mah kuring tara patanya, sakalieun kudu paamprok gé kuring sok buru-buru miceun beungeut, Adit nganggap kuring ceuceub ka manéhna. Salah anggapan Adit téh. Enya gé manéhna geus nganyenyeri haté kuring, rasa mah mo bisa dibohongan. Lamun amprok bisa wé api-api baeud, dina biwir bisa wé ngajejeléh manéhna dihareupeun babaturan. Tapi dina haté leutik mah kuring nyimpen asih, kuring teu bisa maéhan asih nu keur meujeuhna sirungan. Enya gé puguh teu pantes, lalaki kitu mah teu pantes dipikacinta. Tapi da haté mah geuning teu daék ngarti, kalah angot neugtreug tibelat, kuring teu bisa ngejatkeun duriat.
Ti Neng Nisa cenah meunang nomer HP kuring téh, ukur nelepon nanyakeun kaayaan kuring tadina mah, ngobrol ngalér-ngidul wéh dina telepon téh, henteu  nyabit-nyabit masalah tilu taun katukang. Ngahaja ku kuring sok dipéngkolkeun jejer obrolanana lamun geus rék ngomongkeun perkara éta téh. Nepi ka poé senén kamari Adit nelepon geus aya di daerah kampus kuring cenah, hayang panggih. Haté kuring sasatna ajrag-ajragan, bungah naker. Isuk kénéh harita téh, kakara jam genep ngan manéhna rusuh cenah, jadi ngajak panggih harita kénéh. Bingung pipetaeun kuring téh, da puguh gé can dangdan, tadina mah hayang dangdan sina alus ari panggih jeung Adit téh, hayang katingali geulis di hareupeun Adit, tapi da boro-boro dangdan atuh, maké baju gé puguh sarapna da meni ngabebereg. Geus nungguan dihareupeun tukang foto copy cenah, sasatna tipaparétot lempang gé, satengah lumpat kuring muru kadinya.
Adit téh masih jiga nu baheula, teuteupna, imutna, cara ngomongna masih kénéh can robah, sarua jeung rasa kuring ka manéhna, can pernah kungsi robah. Kuring ngajak manéhna ngobrol di taman kampus, asa teu napak leumpang ngaréndéng jeung manéhna téh, jantung ratug tutunggulan, kuring geus teu bisa ngarampa kaayaan haté kuring harita, asa geus kebek teuing ku kabungah.
Gelenyu kuring imut deui, bangku nu pinuh ku kalakay téh anteng diteuteup. Asa karasa kénéh haté nu seseblakan jeung nyéakna hawa panas nu ngabeureumkeun pipi basa diuk paduduaan  ngobrol jeung manéhna.
“ Rahma mah alit waé nya, teu pangling-pangling!” pokna.
“ Ah duka atuh Dit!” walon kuring.
Sakapeung mah ukur sora manuk nu récét keur arulin, patingaracleng dina dahan kai. Can ramé taman téh da isuk kénéh. Jadi kalah bingung néangan piomongeun kuring téh, kalah paadu betem saeneng-eneng.
“Kamari ka Sumedang hujan?” ceuk kuring manggihan piomongeun.
“ Ukur murupuy, ari ka Bandung ageung kitu?”
“ Ageung ungal dinten ogé ka Bandung mah!”
Bep deui caricing, enyaan asa teu penting, hujan waé diomongkeun, asa teu kudu sabenerna mah. Ah ari kuring mah biwir wungkul nu jempé téh meureun, da haté mah puguh tatadi gé bacéo, surak malah mah, tatadi gé da kuring mah teu pati ngabandungan obrolan, puguh kalah paciweuh ku kaayaan haté sorangan. Saenggeus rada lila ngobrol ngalér ngidul bari jeung loba pabetem-betem, Adit téh tuluy wé pamitan, enya rusuh cenah. Tuluy wé kuring gé ka kelas da aya kuliah.
Di kelas nu diburu téh si Nineu sobat dalit kuring, tuluy ngabudalkeun rasa nu kebek ku kabungah ka si Nineu.
“ Adeuy… Jadi pasti da!” ceuk si Nineu sumanget nanggap kuring cumarita.
“ Moal ngarepkeun tibaheula gé Rahma mah, inggis peungas harepan ah!” ceuk kuring bari nyiwit goréngan nu keur didahar ku Nineu.
“Alah saeutikna mah pasti aya da,”
Ku kuring ukur diwalon ku seuri mesém.
“Pasti jadi lah, éh Neu téh pernah maca di majalah, cenah lamun geus ketemuan tungguan 36 jam, lamun dina 36 jam éta tuluy ngahubungi éta téh cirina ketemuanana suksés, si Adit kagémbang tah ku manéh!”
“Wah enya kitu? Bisa dipercaya éta téh?” témbal kuring sumanget.
“Bisa, cobaan wé lah, eh aya Pa Rudi datang,  sstt ah gandéng!” ceuk Nineu bari nyimpen bungkusan goréngan kana kantongna laju ngaluarkeun pulpén jeung buku catetanana.
Kuliah tilu SKS téh asa sakeudeung, enya da kuring mah najan enya gé ngajugrug diuk di kelas, pikiran mah masih manteng ka Adit, asa masih kénéh diuk di taman. Teu dipaliré dosén nu ngomong dihareupeun kelas mah.
Sajam dua jam kuring masih ngadagoan sms ti manéhna, teu kaop HP ngageter, sok teu sirikna langsung cénghar keur tibra saré gé, da bisi sms ti Adit, ukur kalah jadi handeueul. Tétéla sms téh lain ti Adit. Geus lima poé ti basa panggih di taman, geus leuwih ti 36 jam, Adit euweuh ngahubungi. Ngaran Adit dina nomor kontak lila diteuteup, rék ngasms éra, tungtungna mah nomor Adit dihapus, harepan nu geus diwawaas dina sawangan gé ku kuring dihapus. Ah..sok aya-aya waé, jeung maké boga harepan sagala atuda, puguh pamohalan ngarepkeun Adit boga rasa nu sarua mah.
Nepi ka hiji poé, saperti biasa kuring muka facebook manéhna. Tétéla aya wanoja nu nulis dina dindingna l love you!’ cenah, dihandapna Adit méré jempol. Rey wé hawa panas nyéak mapay awak, kieu meureun rasana timburu téh. Facebook wanoja éta ku kuring dibuka, tuluy maca profilna, Nuri ngaranna téh, masih sakola di salasahiji SMA di Cimalaka. Kapeurih beuki karasa nyanyautan basa ningali aya foto Adit keur ngaréndéng jeung wanoja éta. Teu karasa cimata geus laluncatan tina jero panon, haneut mapay pipi.
Panon kuring teu leupas neuteup bangku nu pinuh ku kalakay, lagu ti band D’cinamons nu remen diputer tisaprak diteungteuingan ku Adit, masih ngagalindeng tina head seat nu napel dina ceuli kuring.
Andaikan ku dapat mengungkapkan perasaanku
Hingga membuat kau percaya…
hiliwir angin nebak dadaunan nu geus karonéng, pluk aya kalakay mahoni nu murag dihareupeun kuring. Kalakay téh dicokot tuluy diteuteup, aya kalangkang Adit nu keur imut. Aya nu ngeclak kana kalangkang imut Adit. Leungeun kuring laju pakeupis nyusutan cimata nu teu karasa geus ngalémbéréh.
Angin beuki tarik ngagelebug ngoyageun tatangkalan. Daun nu karonéng murubut maruragan, bareng jeung muragna buah harepan cinta kuring, nu kamari kungsi tingparentul dina tangkal katresna nu héjo lémbok. Adit  moal pernah boga rasa nu sarua jeung kuring tapi katresna mah masih jiga nu baheula, dipupusti dina rasa kuring sorangan, ukur keur sorangan.

Rabu, 18 Januari 2012

CARPON


AJAG
Sabenerna mah teu téga. Sabenerna mah teu hayang ninggalkeun budak kuring nu kakara umur opat puluh poé jeung ninina. Budak keur meujeuhna keukeupaneun indung. Sedih, teu wasa, lamun ngagugu rasa dina haté mah. Tapi kaputusan kuring geus buleud, dalah dikumaha tuda lamun teu gawé mah budak téh moal bisa nyusu. Jeung cai susu gé deuih, maké euweuhan keur kaayaan kieu téh. Geus sagala didaharan mah, daun katuk, daun gedang, sayur daun kélor, sayur gedang, nu amis-amis jeung sagala rupa nu disodorkeun ku Ema kabéh gé eweuh nu teu didahar. Teu ngenah gé dingeunah-ngeunahkeun da karunya ka budak. Ngan teuing kumaha atuh da anger teu ngaruh, anger waé cisusu téh saat. Budak gogoakan hayangeun nyusu. Teu téga ningalina gé. Atuh kuring téh tisuksruk tidungdung ngaya-ngayakeun duit nu euweuh. Gagalapakan unjam-injeum kaditu-kadieu. Néangan duit keur meuli susu formula nu hargana  karasa pisan nyekék beuheung keur jalma pantar kuring mah.
 Bapana nu kituna mah tuda, teu boga cedo, atah adol, teu boga pisan rasrasan. Tengteuingeun bapa si Asep téh. Telenges. Téga ninggalkeun kuring basa keur bubureuyeungan. Alesanana mah can hayang boga budak. Basa dibéjaan kuring ngandeg téh kalah ambek-ambekan. Pajarkeun teu ngarti kana kaayaan salaki nu keur pusing ku duit, kalah der reuneuh lain milu KB. Ku kuring dijawab teu cocok KB-na téh teu didéngé, komo basa ditanyakeun gajihna nu geus sababaraha bulan tara nepi ka kuring mah, ambekna beuki ngaguludag, jiga nu kasurupan manéhna ngakaya kuring, mamaksa nitah ngagugurkeun kakandungan. Teu  éling, jelema teu waras.
            Kakandungan beuki gedé geus tara balik ka imah,  rajeun balik gé rék ngadon aral subaha. Tujang-tajong kana barang, jelebat-jelebét ngabanting panto, tina cungurna wéh bararau pahang. Ari kuring pangawak awéwé, ukur bisa ceurik cumalimba nyanghareupan adat salaki nu geus nyurup ka iblis téh. Kuring lahiran salaki kuring ribut nguruskeun surat cerai. Kadieukeun béja nu katampa téh geus kawin deui.
            “Ma teu nanaon nitip si Asep?” ceuk kuring dina hiji peuting.
            “Heueuh jig rék solat isa heula mah, keun si Asep mah ku Ema ditungguan!” walon indung kuring bari anger jongjon kekecos, nambal sampingna nu soék.
            “Lain ayeuna  wungkul Ma, tapi isukan jeung saterusna, sabulan lah,” walon kuring asa-asa ngedalkeun pamaksudan.
            Indung kuring ngadadak ngeureunkeun kékécosna “Rék kamana manéh téh Nyi, leutik kénéh budak téh montong ditinggalkeun, na teu karunya?” Indung kuring nyangangang.
“Rék nyaba waé Ma, karunya si Asep susuna téréh érép,” luk kuring tungkul bari ngucel-ngucel tungtung baju.
            Indung kuring ngabigeug, teuteupna anteb neuteup kuring. Sajongjongan ukur sora anjing inguan Mang Wiharya nu babaung belah kidul. Kuring ngeukeupan budak kuring pageuh, sora anjing nu babaung asa  nambah keueungna peuting. Inget ceuk jenatna Nini, lamun aya anjing babaung téh totondén rék meunang kasusah, teuing bener henteuna mah, tapi nu pasti kuring mah sok sieun ari ngadéngé anjing babaung téh.
“Babacaan anggur mah Nyi!” ceuk indung kuring bari tuluy ngaléos ka dapur, kadéngé getrak-getruk, teu lila nyampeurkeun kuring bari mawa dot.
            “Isa heula anggur kadinyah, keun budak mah urang béré susu heula méh tibra saréna!” pokna bari regeyeng ngais budak kuring.
            Kuring nurut, tuluy solat di kamar. Hawar-hawar kadéngé sora indung kuring nu ngahaleuang, ngayun ngambing si Asep.
             néléngnéngkung néléngnéngkung
  geura gedé geura jangkung
  geura sakola ka bandung
  sangkan hirup panjang-punjung”
“Deudeuh teuing kasép bet kudu goréng nasib, boga bapa téh teungteuingeun, keun sing sabar waé kasép. Keun sing gedé milik  jaga mah!” ceuk indung kuring  disela-sela hariringna.
Reg kuring ngeureunkeun wiridan. Teu karasa cimata geus nyurulung, laluncatan tina jero panon. Beungeut Kang Kardi laju némbongan deui dina implengan. Dina haté karasa peurih, satuluyna kuring nginghak bari nutupan beungeut ku mukena. Heueuh kuring nu salahna mah, teu bisa milih pibatureun hirup. Buta ku cinta. Percaya ka omongan  Kang Kardi nu saamis madu. Béhna mah nyarita rék kitu rék kieu téh ukur abang-abang lambé wungkul.
Bodo kuring téh, geus puguh tibaheula gé pan Kang Kardi téh jelema baragajul, tukang ngocok kartu jeung nginum. Na bet kalah percaya kana jangjina nu rék robah lamun geus kawin. Percaya teuing kana baju koko nu dipakéna basa keur nganjang ka imah. Enya bener robahna mah geus kawin téh. Teu bauan kana gawé, bageur ka mitoha jeung pamajikan gé. Ngan élingna téh gening ukur sababaraha bulan, da kadituna mah gélona téh maceuh deui.
“Nyi!” ceuk indung kuring nu teu kanyahoan geus aya di gigireun.
            Kuring ceurik ngabangingik bari nyuuh kana lahunanana.
            “ Hampura Ema Nyi!” pokna bari ngusapan sirah ku ramo-ramona nu geus paréot, karasa keusrak bati tina ngarit waé meureun. Kadéngé indung kuring gé ngingsreuk.
 Kasimpé ngaranggeum peuting nu beuki kolot. Indung kuring geus saré murungkut di gigireun si Asep, saenggeus cumarita mapagahan  jeung méré sumanget ka kuring. Kitu ogé si Asep, ngahéphép tibra naker saréna téh. Lila kuring neuteup dua jalma nu keur anteng dina impianana  séwangan-séwangan, kuring nyaah ka indung jeung budak kuring, maranéhanana nu méré alesan ka kuring pikeun daék kénéh nandangan kahirupan nu sakieu peuheurna.
  
***
Kuring keur mawa ulin si Asep di buruan. Teu kanyahoan datangna, Kang Kardi ujug-ujug geus dihareupeun. Saged naker maké calana katun hideung jeung baju koko bodas bordél biru. Baju koko anu dipaké basa nganjang ka imah kuring basa keur hahadéan. Gelenyu Kang Kardi imut, teuteupna nu liuh lir jamparing tan wujud nu nembus kana rasa.
            “Lucu nya Nyi budak urang téh, tingali tuh matana cureuleuk, jiga mata Nyai nya, cik atuh Akang  mangku!” pokna bari rangah, daria rék mangku si Asep.
            Kuring léah, kaceuceub ka Kang Kardi kapopohokeun, aya kembang nu mangkak dina jero dada. Bungah nu pohara. Nepi ka teu puguh titincakan, asa teu napak, asa ngalayang. Kuring ngarasa boga kulawarga nu sampurna jeung pinuh ku kabagja, Teu asa-asa deui kuring ngudar aisan tuluy mikeun si Asep ka bapana.
            Nyéh Kang Kardi imut. Lila kuring neuteup imutna, imut nu éta pisan nu baheula nyieun kuring kapéngpéongan ku manéhna téh. Tapi anéh beuki lila imutna beuki anéh. Kuring gigisik panon nu teu peurih bisi salah téténjoan. Beuki lila seuri kang Kardi beuki anéh, huntuna jadi sihungan, biwirna jadi monyong, teu lila beungeut Kang kardi geus pinuh ku bulu, salin rupa jadi sato nanahaon. Kuring ngagebeg, tuluy ngocéak bari ngarebut si Asep tina leungeunna tapi kalah dikorowot ku leungeun Kang Kardi nu jadi ranggoas. Kuring jejeritan nyebut ngaran Asep. Kang Kardi babaung, sorana béda ti sora babaung anjing nu Mang Wiharya. Leuwih pikasieuneun ieu mah. Ras kuring inget ka carita jenatna Nini baheula ngeunaan ajag. Cenah basa baheula mah gunung Cakrabuana téh sanget kénéh, masih loba sato liar sabangsaning bagong jeung ajag. Ajag téh anjing leuweung nu sok telenges ngerekeb jalema jeung sato inguan urang lembur.
            Kuring beuki tarik ngagoak, kuring yakin sato nu dihareupeun téh ajag, si Asep ceurik awor-aworan sorana pikaketireun. Nu babaung beuki rosa, teu lila sora si Asep ngiles teu kadéngé deui. Tina sungut ajag katingali geus pinuh ku getih, dihandap gé loba getih ngabayabah, kana irung nyeleksek bau hanyir getih anyar.
            Kuring beuki kalabakan, cimata budal lir walungan nu bedah, kuring ceurik lolongséran bari ngajerit nyebut ngaran Asep satarikna.
             “Nyi, Nyi Entin, Istighfar Nyi!” Bi Yoyoh ngagebig-gebig kuring.
            Nyah kuring beunta, bréh Bi Yoyoh babaturan sapagawéan kuring geus aya dihareupeun. Brug kuring nangkeup Bi Yoyoh pageuh pisan, biwir teu eureun kunyam-kunyem ngucap istighfar.
            “ Ngimpi téh meni asa enya Bi!” ceuk kuring bari rénghap ranjug.
           
            “Istighfar Nyi, nu matak rék saré téh babacaan heula!” ceuk Bi Yoyoh bari ngusapan sirah kuring bangun nu nyaah. Geus asa ka kolot sorangan ka Bi Yoyoh téh najan karék wawuh sababaraha poé ogé.
            “ Nyi aya nu ti lembur Nyai mapagkeun!” ceuk Bi Yoyoh saenggeus kuring balik pangacian.
            “Baruk, naha saha geus nyusulan deui, pan kakara saminggu digawéna ogé, meni peuting-peuting deuih, kumaha si Ibu moal bendu kitu Bi?”
            “Hayu tepungan heula waé kaditu!” témbal Bi Yoyoh teu ngajawab pananya kuring.
            Enya waé di tengah imah dunungan kuring téh, geus aya Mang Karta keur ngawangkong jeung Bu Ratna dunungan kuring. Mang Karta nitah kuring balik ka lembur, pajarkeun téh si Asep keur gering. Bu Ratna gé ngidinan deuih kuring balik téh, malah mah gajih nu kakara saminggu gé geus dibikeun bari jeung ditambahan sagala. Bet ku atoh kuring ogé di parengkeun pisan boga dunungan téh bageur jeung béréhan. Mang Karta meni rurusuhan, keur meuli susu gé tangka diburu-buru, bisi kapeutingan teuing dijalanna cenah. Enya tuda kituna mah, jarak ti Bandung ka Wado téh lumayan jauh kira-kira tilu jam mun ngebut maké motor mah.
            Tepi ka buruan imah, kuring asa hélokeun,  kaayaan di jero imah ramé ku jelema. Kuring jadi teu ngeunah haté, tuluy wé tatalété ka Mang Karta.
            “Mang aya naon ieu téh? Na meni ramé kieu?” ceuk kuring hariweusweus.
            “Sing sabar Nyi!”pokna leuleuy bari ngeluk tungkul.
            “Mamang sing bener aya naon ieu téh?” ceuk kuring semu nyentak.
            Keur kitu jol indung kuring. Panonna carindul. Kuring ditangkeup pageuh pisan. Induk kuring ceurik ngawiwiw bari teu leupas nangkeup kuring. Di sela-sela ceurikna teu weléh nyebut hampura, si Asep téh geus euweuh dikieuna cenah.
             Langit asa runtuh saharita, asa ragrag jajantung, awak leuleus lungsé, tuur nyorodcod, satuluyna alam dunya poék mongkléng.
            Basa panon kuring beunta, kuring geus pada ngariung. Rét ka belah kulon, loba lalaki nu keur ngariung ngaboéhan layon budak kuring. Katingali ku juru panon hiji lalaki anu keur diuk sila deukeut Mang Karta. Kuring moal kapalingan deui ku baju kokona, warna bodas bordél biru. Baju koko nu dipaké taun kali. Kalakuan Kang Kardi laju kokolébatan deui dina pipikiran. Kang Kardi nu sok ngakaya kuring, Kang Kardi nu teu ngabayuan budakna, nepi ka gering tuluy maot lantaran geus saminggu nyusuna ukur dibéré cai tajén. Kaambek ka Kang Kardi ukur bisa dibudalkeun ku cimata, kapeurih beuki karasa nyanyautan. Rét deui ka nu di koko bodas bordél biru. Bet salin rupa jiga nu dina impian kuring, Kang Kardi jadi ajag, kuring ngarénjag tuluy nangkeup Ema pageuh bakat ku sieun. Keur kitu, panon kuring bet eunteup ka arit nu nyelap dina bilik. Arit paranti Ema ngarit. Nyéh kuring seuri, teu diengkékeun deui kuring tuluy ngajleng sakocepat, muru arit nu nyelap dina bilik. Rék ngabacok ajag. Moal burung teurak da seukeut aritna, kawantu sok diasah ku Ema ungal poé.
           

             
             

VALENTINE vs CINTA


VALENTINE vs CINTA
            Ayey…sakeudeung deui valentine!
            Saperti taun-taun sasarina, dimana-mana pasti pulas kayas. Di unggal mal dipamérkeun nu sarwa kayas, baju kayas, aksésoris kayas, coklat anu wangunna jiga écéng anu dipapaés ku pita kayas, rupa-rupa bungkus kado anu ogé pulas kayas. Ah pokona mah kabéh kararayas, ngan bujur katél meureun nu teu miluan kayas téh, anger hideung hehehe.
            Valentine téh hari kasih sayang cenah, poé anu ninggang dina tanggal 14 Februari téh ilahar dijadikeun momen ngébréhkeun kanyaah jeung cinta, boh ka kulawarga boh ka kabogoh. Ilaharna disimbolkeun ku pulas kayas, cenah mah kayas téh warna kasih sayang. Sakapeung mah sok mikir, naha kudu kayas nya? henteu pulas bungur atawa kulawu, atawa beureum wé atuh! Eh pan beureum mah partey PDI nya hihihi, ah jadi kamana-meni atuh ieu téh.
            Ngawangkong ngeunaan kanyaah jeung cinta, mémang resep. sok jadi topik favorit, geuning loba film atawa sinetron nu konflikna masalah cinta, lagu-lagu pop kabéh ngaromongkeun cinta, asa teu bosen jalema téh ngagugulung cinta. Éta téh cingcirining yén cinta téh mémang dibutuhkeun pisan ku manusa. Boga rasa cinta mémang wajar justru nu teu boga rasa cinta nu teu normal mah. Ngan sakapeung urang sok salah nyikepan rasa kieu téh, dina hiji hadist, Rosululoh SAW kantos ngadawuh “ Cinta anjeun kana hiji perkara ngajadikeun anjeun lolong jeung torék” (HR Abu Dawud jeung Ahmad). Tuh kadé ah bisi tibatan jadi anugrah cinta téh kalah jadi musibah. Duh…amit-amit atuh nya!
            Cinta anu bener nu pasti cinta nu halal, cinta nu mémang dipikarido ku Allah SWT. Tapi kadé kudu sawajarna. Biasana lamun manusa geus mikacinta hiji perkara sok kaleuleuwihi, sok ngarasa ngabogaan kalawan mutlak. Antukna hirupna jadi teu normal. Endah tapi loba galau, loba kasieun jeung kasusah. Susah lamun nu dipikacinta kumaha onam. Cinta nu kieu yeuh nu ngajadikeun peurih nalika hiji mangsa kudu leungit, dipundut ku Nu mutlak miboga sagala rupa nu aya di dunya ieu, kaasup perkara nu ku urang dipikacinta. Imam Syafii dina syairna nétélakeun “ Lamun anjeun pernah ngarasakeun amisna cinta mangka anjeun bakal ngarasakeun paitna pipisahan”
            Balik deui ka valentine nu sabenerna éta téh hajatanana kaum kafir, anu miboga prinsip cinta nu béda jeung islam, agama nu sampurna, miboga aturan nu éndah kaasup aturan dina cinta. Islam mangrupa agama cinta, islam maréntah ka umatna pikeun silih asih, unggal poé, lain ngan saukur sapoé. Lain ukur tanggal 14 Februari wungkul. Jadi kumaha atuh lamun urang tuturuti riweuh ngarayakeun valentine, Dina hiji hadist Rosul ngadawuh “ Sing saha jalma anu nurutan hiji kaum éta kaasup kaumna”() Hmmm jadi kumaha? rék jadi méré coklat tanggal 14 Februari?